Dec 7, 2009

Sasakala Surade (versi dongeng)

Sakiduleun kota Sukabumi aya hiji tempat anu rada kajojo ku jalma – jalma anu resep pelesiran. Eta tempat teh ngarana nyaeta SURADE.
Reana jalma nu datang ka eta tempat ku sabab genah tur seger hawana, katambah aya hiji tempat pikeun pelesiran nyaeta Ujung Genteng.

Kumaha asal muasal ngaran eta tempat teh.
Kieu geura : ceuk sakaol carita baheula aya hiji sepuh anu luhung ku elmu, jembar ku pangabisa, sugih ku pangarti, saciduh metuh saucap nyata. Eta sepuh teh wastana EYANG MAS ARYA SANTRI DALEM anu katelah namah EYANG CIGANGSA.

Eyang Cigangsa kagungan saderek istri anu wastana NYI MAS SURADEWI. Anjeuna kacida nyaah tur deudeuhna sabab kana sagal piwuruk teu wurung diturut, hirup teu lepas tina aturan, itungan jeung ugeran.

Ari pangawakan Nyi Mas Suradewi, geulis kawanti – wanti, endah kabina – bina, estu geulis bawa ti ajali endah bawa ti kudratna.

Keuna kana babasaan :

Rambut galing muntang
Taar teja mantrangan
Halis ngajeler paeh
Soca cureuleuk seukeut
Pangambung kuwung – kuwungan
Damis kadu sapasi
Waos gula gumantung
Taktak taraju emas
Panangan beuntik ngagondewa
Ramo racut mucuk eurih
Angkeng lengkeh lir papanting
Bitis jaksi sajantung
Pakulitan hejo carulang
Mun seung leumpang lir macan teunangan.
'Kitu kaayaan Nyi Mas Suradewi.

Sok sanajan can rimbitan, Nyi Mas Suradewi geus bubuara di hiji tempat anu teu pati jauh ti lembur cigangsa. Kabungkus ku pasipatanan, di eta lembur anjeuna di angkat jadi pamingpin. Dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara estuning pikayungyunen teu cueut kanu hideung teu ponteng kanu koneng estuning adil, jujur tur bijaksana. Atuh kaayan eta lembur jadi subur makmur gemah ripah repeh rapih.

Dina keur meujeuhna hejo lembok raweuy beuweungeun reumbay alaeun, sepi paling towong rampog taya begal ngalalana, Nyi Mas Suradewi ngumpulkeun para abdi katut rahayatna. Anu maksud jeung tujuanana anjeuna seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula. Sabab anjeuna bade nyumponan pangangkir nu jadi dulurna nyaeta Eyang Santri Dalen di cigangsa.

Saur Nyi Mas Suradewi :
“Para abdi katut rahayat sakabeh ngahaja ku kaula dikumpulkeun anu maksud jeung tujuanana, kaula seja nitipkeun kakawasaan keur sawatara heula, sabab kaula bade nyumponan pangangkir nu jadi saderek nya eta Eyang Santri Dalem di cigangsa. Kade salila ditinggalkeun sing carincing pageuh kancing, sing saringset pageuh iket, bisi aya hiji hal nu teu di piharep.”

Harita keneh anjeuna miang ninggalkeun ta lembur.
Takdir teu beunang di pungkir. Kadar teu beunang di singlar, di satengahing perjalanan waktu keur meuntas di walungan Cigangsa anjeuna palid kabawa caah nepi kahanteuna jasadna dipulasara di eta lembur anu teu pati jauh ti cigangsa.

Waktu ker ngadenge yen anu jadi pamingpina geu taya dikieuna, sakabeh rahayatna ngumpul bari sedih kingkin sarta leuleus tur lungse, lir kapuk ka ibunan lir kapas kahujanan.
Dina keur kaayaan kitu, datang Eyang Cigangsa ka eta lembur anjeuna biantara.

Saur Eyang Cigangsa :
“Para abdi katu rahayat pangeusi ieu lembur, ngahaja ku Eyang dikumpulkeun, anu lain waktu anu maksud jeung tujuanana, pamingpin aranjeun geus taya dikieuna, urang ngaranan we ieu tempat teh SURADE. Nyaeta itung – itung pangeling – ngeling ngalap ngaran hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

Para abdi katut rahayat pangeusi eta lembur nyatujuan kana kaputusan eyang Cigangsa.
Tah ti harita ngaran eta tempat teh katelahna SURADE, nyaeta keur pangeling – ngeling ka hiji pamingpin anu adil, jujur tur wijaksana.

sumber : Dinas PdanK Surade - Kabupaten Sukabumi
caption : situs cigangsa